Dongeng sunda

Dongeng sunda

Senin, 16 Desember 2019

Dongeng sunda #Balad_siluman_6 Karangan Rudy yansah.


Peuting harita Jaed ngahaja ku Randi cena mondok deui di imahna, sabab nunggu waktu pikeun Jaed bisa pulih deui ka ayaannana sabihara - bihari. Ngan waktu Rukmini nyelang heula indit ka imahna, maksud pikeun nutup- nutupkeun hordeng jeung jandela kamar. Sarta ngoncian panto imah kaluar manehna jadi ngarasa heran jeung kaget, waktu nempo aya tarasi mayakpak diburuan imahna saruntuy. Malah sawareh geus aya anu barolong palastikna, tarasina bahe tapak gegel ucing.

"Naha beut jadi loba tarasi mayak diburuan ieu teh, da mustahil ari aya anu balalanja mah jalma puguh tara aya anu ngalaliwat kadieu deuih. Aneh, punduk Aing oge beut asa pating puriding kieu deuih keueung." Ceuk Rukmini, anu memang teu boga hate goreng ka batur. Tur memang tara suwudzon ka batur, komo jail. Teu ieuh curiga, tarasi teh gancang dipiceun kana tong sampah ku Rukmini. Sedengkeun anu masih keneh mayakpak dina luhur taneuh harita gancang disapukeun ku Rukmini, tepika lenang.

Rukmini waktu balik deui ka imahna Randi harita manehna jadi galecok nyaritakeun dirina, mangsa manggihan tarasi tea saruntuy diburuan. Malah Halimah mah harita jadi rada bareubeu beureum pipina teh, sabab rumasa dirina anu memang geus neundeun tarasi diburuan imahna Jaed teh. Matak harita mah Halimah henteu loba teuing nyarita, manehna ngan ukur ngabandungan wungkul ka nu keur ngarobrol.

Imahna Randi teh memang cukup leuga oge rohangannana, kamarna aya kana opat rohangannana. Tapi peuting harita mah kabeh salarena teh ngahaja ngalampar ditengah imah, maturan anu geuring.

Irfan budak teh memang geus rada pelag dina cumarita, sanajan rada cadel - cadel oge nyaritana mah pugug bisa kaharti ku sararea oge. Jeung ku kapolosannana budak teh munguh jadi jujur ngomong saujratna, tanpa aya anu dikilungan. Sedengkeun ari Adit mah adina harita, geus pangheulana sare tibra.

"Ifan oge sami Pa, kamali Ifan ninggal aya talasi dibuluan bumi Bapa Pa."

Ngadenge Irfan nyarita kitu kabireungeuh Randi jadi kaget, kabeh merhatikeun ka Irfan. Dibarung jeung panasaran harita Randi terus tumanya Ka Irfan, ku cara ngobrol budak. "Irfan, leres eta teh? Irfan ninggal aya tarasi diburuan bumi bapa?"

"Leles Pa, kamali Ifan ninggal aya talasi dibuluan bumi Bapa." Tembal Irfan, bari tetep dina tingkah bubudakeunnana.

"Dimana eta teh? Diburuan belah mana irfan?" Randi beuki panasaran, nyeleser ka ayaan.

"Dipipil Pa, cakeut kemang Los. Tapi sadayana atos dilenos seep Pa, di angge anyang papacakan ku Ifan saleung Adit."

Randi gancang muru kaluar, muru ka pipir imahna tempat anu disebutkeun ku Irfan bieu. Barang tepi ka eta tempat breh bisa katempo ku Randi, aya cahaya warna beureum tur buleud sagede Bal Bola Api. Ngagebur hurung ku seuneu, sakumaha ceuk tetempoannana Randi waktu harita.

Sarta anu leuwih persisna mah teu tela, geuningan Jurig Hulu anu katempo ku Randi teh. Keur atok - atokan nembongkeun huntuna anu estu rangeteng tur seukeut, baradag siga huntu ragaji bae. "Astagfirullohaladzim, geuningan Jurig Hulu."

Randi merhatikeun kana eta ka ayaan, bari jeung ngagerendeung ngomong sorangan dina jero hatena. "Nya'an, ieu mah jelas aya jalma anu ngahaja arek ngaganggu kana usaha jeung rumah tangga Aing. Bahaya ieu mah, lamun eta mahluk kiriman nepika bisa asup kajero imah teh. Sabab kabeh anu aya dijero imah, tangtu bakal kakeunaan ku pangaruh ieu Elmu Iblis."

Memang bener, harita Randi anu saeutik gedena ngarti kana hal kabatinan teh jadi bisa ngarasakeun. Ku ayana tanda bahaya, anu terus ngancam kakulawarga manehna kabeh.

Randi gancang asup deui ka jero imahna, kesang badag kesang lembut harita tembong renung dina tarangna. Halimah hatena jadi ngageter, sabab manehna jol ngarasa sieun awal akhir rusiahna bakal bisa kabongkar ku Randi.

"Kumaha Kang, aya naon nembe diluar?" Kartika gancang tumanya ka Randi, lantaran panasaran. Malah Usman oge harita sarua manehna milu tumanya ka Randi, lantaran sarua panasaran. "Leres Kang Randi, kumaha diluar teh aya naon? Kesang badag kesang lembut dugika renung kitu geuningan dina tarang, aya naon atuh? Cobi terangkeun ka Abdi sadaya, aya naon?"

Samemeh ngajawab Randi katinggali narik nafas panjang heula, teu lila terus nyarita. "Hemmp, kiwari geus aya deui jalma anu arek nyilakakeun ka pihak kulawarga urang Kartika. Tapi saha? Jeung naon dosana atuh ari kulawarga urang ka eta jalma? Naha beut tega deleka ka urang? Jeung anu matak leuwih bahayana teh keur Akang mah nyaeta, ku imahna Jaed. Anu kiwari imahna keur kosong, taya sasaha. Ku kituna bakal gampang nyerepna kana tanah, lamun seug aya - dukun jahat anu tega ngirimkeun guna - guna kapihak Jaed. Sarta eta tarasi teh, bisa wae aya hubungannana tina elmu kiriman ti dukun jahat Ayi." Jawab Randi daria, munguh ngageterkeun kana hatena Halimah anu masih keneh ngadedengekeun kana eta obrolan. Awakna ngagoler nyangigir nongongan ka nu keur ngarobrol, pura - pura geus peureum.

Rukmini katempo paroman beungeutna jadi ngemu ka kaget, dumasar tina rasa kasalempangan hatena. Halimah oge jadi teu geunah cicing, ceulina asa gararetek ku dedengean jabaning panas.

Tur dina mangsa anu sejen geus salare tibra harita Halimah mah masih keneh nyileuk can waka bisa sare, pikiran kumalayang hate teu tenang. Ngumbar lamunan mikiran hayang geura poe isuk, mangsa dirina bakal ngalakonan sarat anu kadua parentah ti Ma Cioh tea.

"Aing jadi geus teu sabar kieu ieu hate hayang geura poe isukan, hayang geura jadi jalma beunghar. Aing hayang geura nempo Si Jaed jeung Si Kartika kabeh kulawargana sangsara ku aing, jeung jadi ririwit atawa geuringan. Tapi Si Randi mangrupakeun jalma anu cukup ngabahayakeun oge, manehna anu kudu pangheulana di ala. Di teluh ku Ma Cioh cena langsung paeh, hihihihi...!"

Isukna kira - kira wanci haneut poyan Usman jeung Halimah bareung pamitan, arek baralik ka lembur manehna. Sarta Usman tembong deku gigireun ranjang anu di pake sare ku jaed, bari pok nyarita. "Akang mulang heula nya Jaed, sabab Akang rek nganggeuskeun heula paculeun. Cing geura cageur nya, tong kateterusan."

Jaed anu masih keneh laleuleus teh awakna kadenge ngawalon maeusan.
"Muhun Kang, cing ati - ati di jalanna. Nuhun, salira Akang atos mondokan Jaed dina weungi tadi. Jeung teu sangka, ayeuna Abdi bakal ngalaman nasib saperti kieu." Ceuk Jaed, semu ngarahuh.

"Cing sabar we Jaed, mudah - mudahan cing geura cageur. Sakeudeung deui Ki Tabib Karjan bakal aya datang kadieu, bari mawa ramuan tea. Akang mulang heula nya Rukmini hampura Akang, sabab Akang teu bisa ngabantu leuwih ti kieu ka nu jadi adi."

"Wios Kang Usman, angguran mah Abdi kacida nganuhunkennana pisan kana kabela Akang jeung Teteh didieu. Oge ka Teh Kartika ka Kang Randi, hapunteun ku Abdi kaheurinan."

"Ntong kamana wae ayi nyarios teh, da Teteh jeung Kang Randi mah salaku anu jadi lanceuk. Geus jadi kawajibannana, pikeun ngabela ka nu jadi adi. Tong ngarasa tumarumpang atawa kagok, da sidik ieu teh imah lanceuk. Anggap we, ieu teh di imah sorangan. Cing tenang, tong loba teuing pikiran." Walon Kartika, anu memang gumela pisan ka nu jadi adi. Estuning nya'ah lain pupulasan, lir ibarat rasa kanya'ah indung ka nu jadi anak.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar