Ngan nyeta, ari aran - aran budak mah nyaho di naon. Jongjon we harita anteng arulin duaan, saeutik ge puguh memang henteu mikirkeun kana pibahayaeun.
Gancangna carita, dina wanci kasorenakeun harita mobilna Randi geus tepi ka tempat anu dituju. Nyaeta ka weuwenugkon Desa Ci Muncang, tempat dumuk matuhna Ki Tabib Karjan. Anu kabeneran keur nyampak aya dipipir imahna harita. Keur ngampihkeun hayamna ka kandang, arek terus dipeutingkeun.
Ari mobilna Randi tembong geus di parkirkeun di pakarangan imahna Ki Tabib Karjan, anu kawilang leuga oge halamannana. Sok sanajan ari ka ayaan imahna mah masih keneh Panggung harita teh, tapi katempona mungguh resik tur hegar. Tanda anu boga imahna memang rapekan, resep kana kabersihan. Imah panggung, tapi geude ukurannana.
"Aeh - aeh, siga Jang Randi eta teh. Bagea Jang, heheheh." Ki Tabib Karjan neleuk - neleuk ka nu anyar datang bari jeung seuri, waktu Randi jeung anu sejenna tembong kalaluar tijero eta mobil.
"Muhun Aki, ieu Abdi. Kumaha Aki, damang?" Walon Randi, bari kituna teh gancang manehna ngasongkeun leungeunna ka Ki Tabib Karjan ngajak sasalaman. Usman Halimah katut Kartika oge sarua harita ngarasongkeun leungeunna masing - masing ngajak sasalaman ka Ki Tabib Karjan, sarua rengkuhna. Bari jeung langsung ngawaranohkeun ngaran dirina masing - masing, ka Ki Tabib Karjan.
"Alhamdullillah Jang Randi, ayeuna Aki teh puguh nuju sehat wal'afiat teu kirang naon - naon ieu teh. Namung ayeuna Jang Randi aya sumping kadieu. Pastina oge bari jeung nyandak jalmi anu nuju teu damang waleus panginten? Kinten - kintenna, na saha anu teu damangna ieu teh Jang Randi?" Ceuk Ki Tabib Karjan, malik tumanya.
"Sumuhun Aki, leres pisan. Abdi pangna aya dongkap kadieu teh lantaran ngahaja, nyandak pun rayi anu nuju teu damang waleus. Sacara ngadadak, weungi kamari. Sareng susuganan we atuh Aki, salira Aki bakal kersa ngalandongan pun Rayi anu nuju teu damang waleus. Matak dinteun ieu, ngahaja ku Abdi dicandak kadieu." Jawab Randi, daria.
"Ciing, mana jalmina Jang Randi? Ninggal Aki, panyawat naon cenah." Ceuk Ki Tabib Karjan, panasaran.
"Mangga Aki, mangga urang tinggal." Walon Randi, bari kituna teh manehna gancang mukakeun panto mobil bagean tukang. Sarta sanggeus di bukakeun mobil teh panto tukangna ku Randi, tembong Ki Tabib Karjan langsung mariksa kana ka ayaan Jaed anu masih keneh ngajelepeng dina jok tukang. Anu masih keneh can gemleng kasadarannana, sasar jeung gunam. Tur sanggeus mariksa kana ka ayaan Jaed ngadadak Ki Tabib Karjan paromannana ngadadak robah, ngemu ka kaget.
"Aduh, untung we kabujeung dicandak kadieu eta tuang Rayi teh Jang Randi. Upami seug telat teh, tos pasti jiwana oge moal katulungan deui. Sabab ieu panyawatna memang sanes panyawat biasa, namung mangrupikeun panyawat kiriman ti Dukun jahat. Jeung nilik ka ayaan dina tatuna mah, ieu tuang Rayi teh munguh kakeunaan ku Elmu Teluh Balungna Ma Cioh Jang Randi."
Ki Tabib Karjan anu memang umurna geus kolot teh tangtu manehna oge geus weureu seubeuh ku pangalaman dina hal katabibannana, sarta nyaho kana rupa - rupa ning panyakit anu memang pangaruhna tina Elmu Teluh. Ari pangawakan Ki Tabib Karjan nyaeta rada gemeyeuk, jeung lintuh. Sanajan pakulitan geus rada kenod oge munguh tetep beregegeh, make kampret bodas. Jeung calana pangsi bodas, sirah di iket ku warna batik warna colklat.
Jaed anu memang masih keneh can pulih teh kasadarannana langsung harita dipangku ku Randi, dibawa kajero imahna Ki Tabib Karjan. Anu memang awakna Jaed teh leutik jabaning hampang, komo dibere geuring mah. Kituna teh deuih sanggeus dititah ku Ki Tabib Karjan, pikeun langsung dibawa kajero imahna.
Tur harita sanggeus kabeh aya di jero imah, kadenge Ki Tabib Karjan tumanya deui ka Randi. "Kumaha mimitina ieu teh Jang Randi? Naha Jang Jaed beut bisa kakeunaan ku Elmu Teluh Balungna Si Cioh? Naha aya masalah pribadi, atawa kumaha?"
Ditanya saperti kitu ku Ki Tabib Karjan harita Randi kapaksa kudu ngajawab, ngajelaskeun ti mimiti manehna ngarasa aya pirasat anu kurang hade tumiba ka kulawarga manehna kabeh. Anu patalina jeung impian Jaed tea, anu teu tela jadi kanyataan oge. Tug nepika akhirna Randi sorangan kudu turun tangan, mangsa ngahadang kakuatan gaib mangrupa kiriman panyakit anu ngancam ka kulawarga manehna kabeh. Sarta teu tela Jaed wungkul anu kabeunangan teh, kabeunangan ku kiriman eta Elmu Teluh. Ki Tabib Karjan ngabandungan kana satiap caritaan Randi kalawan daria, tur imeut pisan taya anu kaliwat. Sarta Usman oge anu memang harita can kungsi apaleun ti mimitina, antukna manehna oge jadi milu ngabandungan kana satiap guaran caritaan Randi oge kalawan daria. Teu lila Randi kadenge mungkas guaran caritaannana, ditung - tungan ku nyarita kieu. "Tah janten kitu Ki Tabib, kajantenan anu saleresna teh. Sareng kinten - kintenna kumaha tah Ki? Naha Aki bakal sangem nulungan rayi Abdi atawa moal? Naha bakal aya piubareunnana? Atanapi moal ieu teh?" Randi estu miharep pisan ka Ki Tabib Karjan teh, sangkan daek di pentaan tulung ku manehna.
Sedengkeun Halimah anu titadi jempe teh jadi keketegan oge hatena, jeung ngarasa teu tenang kudu lila - lila cicing aya didinya. Hal eta bisa kabaca oge ku Kartika, ti mimiti robahna riuk beungeut Halimah keur Kartika mah puguh jadi tanda tanya.
Kartika kadenge milu mairan ku caritaan.
"Ayeuna mah kieu we atuh Ki, ayeuna Abdi kacida miharep pisan ka Aki. Bakal sangem mulihkeun rayi Abdi, lepas tina eta gangguan Elmu Teluh tea Ki."
"Muhun Aki, kumaha tah sangkan rayi Abdi gancang pulih deui kasehatannana Ki? Pokona ku cara naon bae oge, ayeuna Aki kedah tiasa ngabantos ka kulawarga Abdi Ki." Usman milu nembrong ngomong.
"Ari Aki mah kieu Ujang Nyai, pikeun Aki ayeuna ngan ukur bisa ngubaran luarna wungkul meureunan? Ngubaran tatuna anu tutung jeung jiih, supaya garing. Jeung Aki ngan ukur bisa mulihkeun deui ka sadarannana wungkul, anu dina hiji waktu Jang Jaed oge bakal ngarandapan rasa kanyeri anu luar biasa nyerina. Ti kawit ti nu dua dampal sampean, laput dugi kana mastakana tur panangan. Sabab Jang Jaed bakal terus diganggayong hirupna, ku panyakit kiriman ti Si Cioh. Jeung memang taya deui cara, upami leres Jang Jaed teh hoyong pulih deui kasehatannana. Ngan iwalti kedah bisa ngarebut ramuan khusus ti Si Cioh, mangrupi obat ramun pikeun bisa meruhkeun werejit dina badan Jang Jaed. Sabab, ngan iwal ti manehna anu bisa mere eta panyakit, jeung oge anu nyageurkeunnana. Sabab Ari Aki mah jujur, moal bisa da sanes ahlina."
Randi Usman katut Kartika katinggali kabeh jadi pating haruleung, waktu ngadenge Ki Tabib Karjan nyaritana saperti kitu. Sabab atuh kudu kumaha carana ? Hayang ngameunangkeun eta ramuan teh da puguh teu gampang, jeung teu beakeun pikir. Naha saha atuh ari Ma Cioh teh anu sabenerna? Ayeuna beut tega ngalakukeun kitu ka kulawarga manehna, anu teu tuah teu dosa. Ari Halimah tembong sarua ngadon terus ngahuleung, salempang sieun terus kabongkar rusiahna ku Ki Tabib Karjan. Anu teu tela wawuheun oge geuningan ka Ma Cioh teh, bangun anu geus wawuh ti anggalna keneh.
Tapi beda deui jeung anu sejenna harita, kabeh tumanya dina jero hatena. Komo Randi mah salain ti mikiran teh oge manehna jadi terus panasaran, hayang apal. Na saha atuh dalangna anu geus nitah Dukun pikeun ngawerejit ka kulawarga pamajikan katut ka dirina teh? Sabab Randi oge surti, moal pati - pati aya Dukun anu tega ngirimkeun Elmu Teluh ka kulawarga manehna ari lain titahan mah.
Keur kitu kadenge ku kabehannana Jaed harita humarurung nahan kanyeri, bari jeung menta cai hayangeun nginum. "Aduuuh, teu kuat panas. Cai, teu kuat haus."
Ari Kartika waktu ngadenge adi menta cai nginum teh gancang manehna nyician cai herang tina teko kana gelas, anu titadi keneh memang geus nyampak aya dina luhur meja. Ngahaja geus di sadiaan ku Ki Tabib Karjan, jang ti parantieun ari aya semah. Jaed nginum mani ngalekik bakat ting ku haus meureunan, puguh tuhureun pisan tikorona harita.
"Ah, jeung aya carangka sagala na lahunan ieu teh. Ke deui we atuh ngarit mah Rukmini, da dombana oge can boga urang mah." Jaed sanggeus nginum teh jol nyoroweco we sasar, ngomong teu pararuguh. Ari awakna tetep ngagoler harita teh, da puguh teu bisaeun cengkat.
Nempo kitu atuh Ki Tabib Karjan oge beut asa teu tegaeun, ninggali Jaed beut bangun anu jadi poho kasasaha. Pagaweanna ngan sasar jeung menta cai nginum, lantaran panas nyebret pangaruh ti nu tatu.
Usman huntuna tembong kekerot, tuluy manehna ngomong dina sikep anu ambek. "Lamun seug apal mah Aing ayeuna saha jalmana, anu geus tega nitah Dukun pikeun deleka ka kulawarga Aing. Rek di paehan ku Aing mah ayeuna keneh oge, rek di kadek ku Aing mah jeung Dukun - dukunna sakalian siah ! Bongan adi Aing, ayeuna jadi kieu." Ceuk Usman kalepasan cumarita, anu memang moal apaleun manehanna mah deuih. Yen jalma anu boga dosana teh nyaeta, pamajikannana keneh sorangan. Anu harita hatena tuluy ngagebeug, bari jeung ngagerentes. "Huh, dasar salaki nurus tunjung siah. Maenya lamun nyaho teh maneh Aing jalmana anu nitah Ma Cioh Dukun Sakti, nitah deleka ka kulawarga maneh. Na arek terus di kadek kitu? Dasar Si Kasebelan."
Sedengkeun Ki Tabib Karjan ninggali Usman kitu teh manehna terus mere wejangan ka Usman, nyarek sangkan ulah kaburu teuing ku nafsu. "Ih, ulah kitu Jang Usman. Ulah sok ka gugu ku nafsu. Sing sabar we, tur ikhlas. Ulah aya pikiran arek dendam sagala kade, puguh matak nambahan cilaka eta teh."
"Astagfirullahalladzim muhun Aki punten, nembe Abdi kalepasan. Maklum atuh, saha anu ridona lamun anu jadi dulur di kakaya ku batur. Beut Abdi oge anu jadi lanceukna, tara kumawani Ki."
"Heheheheh, sumuhun Ujang. Ngartos Aki oge, sareng ngamaklum. Keun ayeuna mah Jang Usman sing sabar heula, sabab ayeuna ku Aki arek di cobaan. Jang Jaed teh, arek di ubaran ku Aki."
"Muhun Aki, nuhun."
Singkatna carita, harita Ki Tabib Karjan langsung manehna mateahkeun. Nyieun ramuan khusus keur ngubaran Jaed, sugan wae bisa manjur. Ramuan khusus, keur ubar luar jeung jero.
Sarta bahan utamana nya taya deui, ngan iwal ti tina dangdaunan. Di tutu, jeung di godog. Sawareh di popokeun ka nu tatu bagean luar, jeung di inumkeun.
Jeung teu tela deuih, obat ramuan ti Ki Tabib Karjan teh memang hade. Sabab jarak sajam ti mimiti di ubaran teh Jaed jol langsung bisa diuk bari ngadadak cenghar, inget deui ka sasaha. Pangaciannana geus mimiti kumpul, bareung jeung turunna hawa panas tina tatu dina beuheungna.
"Alhamdullillah, ayeuna Jang Jaed tos bade pulih deui kasehatannana. Sok sanaos moal salamina pulih, tapi ulah pondok harepan we Jang. Aki jangji, bade sapinuhna ngabantu ka salira Ujang." Pokna Ki Tabib Karjan, bari jeung neuteup anteub ka Jaed.
"Muhun Aki, hatur nuhun pisan. Bantosan ti Aki, katampi pisan ku Abdi Ki. Sareng upami Jaed henteu enggal di candak kadieu mah ku pun raka, nasib Jaed oge duka teuing bakal kumaha kapayunna panginten Ki? Hapunten, salira Aki atos di rerepot ku Abdi Ki." Tembal Jaed, ngomongna rada halon.
"Heheheheheheh, sumuhun. Angguran Aki kudu di hampura ku Ujang, sabab Aki rumasa teu bisa mulihkeun Jang Jaed sacara sapinuhna. Ngan ukur bisa ngubaran luarna wungkul, teu bisa ngubaran sacara batin. Aki rumasa teu bisa, heheheheh."
"Muhun Aki, teu nanaon. Beut ku sakieu oge, tos langkung ti cekap Aki." Ceuk Usman, anu harita nembalan. Sabab Jaed, can kuateun lila ngobrol.
"Aki, margi waktos memang atos bade magrib ieu teh. Panginten Abdi sadaya, seja mulih heula we panginten Aki. Hatur nuhun pisan nya Aki, sakali deui hatur nuhun. Salira Aki danget ayeuna, atos kersa di wagel waktos ku Abdi sadaya Ki." Ceuk Randi, milu mairan ku caritaan. Sakaligus, rek terus pamitan.
"Sami - sami Jang Randi, sareng ngke sugan Aki anu kaditu. Nyokot ramuan ka Si Cioh mah, kajeun ku Aki wae. Sabab Aki bakal era, lamun nepika henteu bisa ngabantu teh sapinuhna ka kulawarga Jang Randi." Tembal Ki Tabib Karjan, langsung ngomong nyanggupan arek nyokot ramuan ka Ma Cioh. Sanajan ku Randi di ulah - ulah oge, tetep we arek indit. Sarta kekepehan, embung di bere amplop ku Randi. Aya di tarima, sakit we eta oge dipaksa.
Sanggeus ngarasa cukup mah aya didinya kabeh harita terus baralik deui, mawa Jaed balik ka imahna. Di golerkeun dina jok tukang, tempat Jaed tadi ngagoler.
Sedengkeun Halimah anu memang ti tadi pikirannana marung kawut teh taya katenangan, harita jadi rada ngemplong oge hatena. Sabab dirina nyaho, yen Ki Tabib Karjan teh teu tela henteu bisaeun kana elmu batin. Lebah dieu Halimah rada tenang hatena, sabab Ki Tabib Karjan teu tela lain jalma anu ngabahayakeun pikeun dirina oge ka Ma Cioh pribadi.
"Halimah, kunaon ari tadi jempe wae? Jeung hulang - huleung, naha Halimah teh teu garenah awak? Atawa kunaha?" Waktu mulang di perjalanan Usman panasaran, terus tumanya ka Halimah. Anu memang ti tadi keneh oge Halimah mah henteu kadenge cumarita panjang lebar, ukur nimbrung ngomong pondok.
Halimah nyarandekeun tonggongna kana jok mobil, terus ngawalon. "Ah henteu ku nanaon Kang, tadi Abdi jempe soteh memang keur mikiran jalma anu deleka ka urang Kang. Naha saha atuh jalmana? Jeung naon masalahna? Beut tega ngaganggu ka kulawarga urang Kang." Walon Halimah, anu estu pinter pisan dina ngareka carita.
Randi anu harita kabagean mawa mobil tembong silih teuteup jeung Kartika di hareup, sabab duanana beut aya rasa curiga ka Halimah ngan teu geruh.
Usman kadenge manehna nyarita deui, di tujukeun ka Halimah. "Sarua ari kitu mah atuh Halimah, sabenerna mah Akang oge tadi pikiran teh kitu. Panasaran hayang nyaho, saha jalmana anu geus deleka ka urang teh." Ceuk Usman, manehna bener - bener lebeung teu inget. Lamun Halimah kungsi ngobrol ka manehna, hayang tatamba ka Ma Cioh. Anu sakuduna oge, curiga ka Hailmah Usman teh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar