Ku ayana eta kajadian keur Ma Cioh mah puguh jadi nambahan rasa ka panasaran dina jero hatena, hayang ngajajal kana kakuatan Randi anu lewih jauh.
Tur urang kocapkeun dina poe isukna baraya, isuk - isuk keneh harita teh Halimah geus tanginas indit ka imahna Ma Cioh. Bareung jeung inditna Usman ka sawah, anu jelas Usman oge moal apaleun lamun dina poe harita Halimah bakal indit - inditan kaluar ti imah. Sarta Halimah oge teu poho kituna teh, manehna bari jeung mawa tarasi colek tea dua runtuy mangrupakeun sarat penting anu geus disebutkeun ku Ma Cioh dina waktu kamari. Jeung barang datang oge tepi ka imahna Ma Cioh Halimah gancang tumanya ka Ma Cioh, ngenaan hasil gawena peuting tadi. Mangsa ngirimkeun panyakit ka dua pasangan salaki pamajikan, atawa ka dahuan jeung adi beuteungna.
"Kumaha Ema, hasil henteu ngirimkeun teluh teh? Tah ieu yeuh tarasi colek teh Ema, enggal geura parancahan ku Ema ayeuna."
"Keeehkehkehkeh, keeehkehkehkehkehkeh...! Heueuh, sok teundeun heula tarasina didinya tah Nyai. Ke ku Ema bakal langsung di parancahan, di eusi ku elmu werejit. Jeung peuting tadi Ema teh memang geus migawe, sarta langsung aya anu kakeunaan ku elmu teluh Ema. Ngan anu lainna mah memang heueuh henteu bisa ka tembus, sabab kaburu di hadang ku kakuatan Si Randi. Anu teu tela kuat oge, tanaga batinna. Nepika Ema oge tibeberegeg nahan eta kakuatan, kakuatan gaib anu tuluy ngarangseug ka Ema. Malah Ema oge tepika ngajurahroh rubuh ka tukang, sabab Ema rumasa eleh tanaga ku eta jalma."
"Oh kitu nya Ema, saha anu kabeunangan teh Ema? Coba gancang bejakeun ka Abdi, ayeuna keneh." Halimah tumanya deui ka Ma Cioh, bari jeung neuteup seukeut.
"Nyaeta Si Jaed Nyai, anu kabeunangan ku teluh Ema teh. Da eta jalma teh memang lemah pisan mentalna, babari asup pangheureuy ti batur." Ceuk Ma Cioh nerangkeun.
"Oh, teu tela Si Jaed nya Ema anu kabeunangan ku Elmu Teluh Balung Ema teh. Jeung teu nyangka Si Randi, manehna beut bisaan kitu geuningan? Menang ngulik timana cenah ari Si Randi teh nya Ema? Beut boga kamampuhan saperi kitu tah jelema teh?"
"Kehkehkehkehkeh, heueuh. Geus, tong waka dibahas ngenaan eta mah. Keun ngenaan eta mah, bagean Ema anu mikir. Angguran mah dagoan, ayeuna Ema arek marancahan heula ieu tarasi. Cuang eusian ku Ema, ku Elmu Teluh Tutup Bumi."
"Oh enya Ema, mangga." Tembalna deui Halimah, anu diuk emok hareupeunnana.
Atuh geus kitu mah ngan dekul wae Ma Cioh mapatkeun jampe pamakena, ngeusian tarasi colek ku sarupa ning elmu guna - guna atawa werejit. Nyaeta ku Elmu Teluh Tutup Bumi, mangrupa Elmu guna - guna anu bisa nutup kana jalan usahana calon pikorbaneun.
Teu lila eta tarasi colek anu geus di eusi ku Elmu guna - guna teh, ku Ma Cioh terus dibikeun deui ka Halimah bari nyarita. "Tah, ayeuna mah tinggal gunakeun ieu tarasi teh ku maneh sakumaha mistina. Sakumaha anu geus di terangkeun tea ku Ema kamari, jeung tinggali reaksina ku maneh ngke lamun geus sabulan. Mangka bisa katinggali ku maneh, tina pangaruhna ieu tarasi. Usahana bakal terus ngojot, sarta ka jalmana oge bakal mawa pangaruh nyaeta bakal geuringan atawa ririwit. Jeung kahade anjeun, masing ati - ati ulah nepikeun kapelengkok ku batur. Jeung ku nu boga imah, nalika anjeun neundeun ieu tarasi di buruan imahna." Ma Cioh terus mere pituduh jeung katerangan oge cara ka Halimah sangkan ati - ati, dina mangsa neundeun tumbal di buruan imah jalma anu jadi tujuan.
"Siap Ema, ngke Abdi pasti bakak ati - ati. Jeung waspada, dina mangsana ngke Abdi ngalakukeun tindakan. Ayeuna Abdi bade pamitan heula nya Ema, sakalian arek nyimpang heula ka imahna Si Jaed pikeun mastikeun. Naha manehna teh ayeuna memang bakal tereh deukeut ka pipaeheun, atawa moal?"
"Heueuh, jung kaituh cing hasil. Sarta kahayang maneh ku Ema pasti bakal di usahakeun, sangkan kahayang maneh jadi kacumponan." Ma Cioh teu petot - petot manehna mere sumanget ka Halimah, sarta mastikeun dirina bakal ngabantu ka Halimah sapinuhna.
Ari Halimah harita gura - giru manehna indit, bari mawa deui tarasi colek dikeresekan di asupkeun kana saku suwiterna.
Sarta teu ka caturkeun di jalanna, harita Halimah geus tepi ka tempat anu dituju. Tur tempat anu leuwih tiheula dituju ku Halimah teh, nyaeta imahna Jaed. Sarta teu tela di imahna Jaed teh suwung, taya sasaha. Atuh teu miceun deui waktu, tarasi colek saruntuy teh gancang ku Halimah di golerkeun dina buruan imahna Jaed. Bari kituna teh Halimah nyelang luak - lieuk heula ka kenca ka katuhu, sabab bisi aya jalma anu pareng nempokeun kana gerak - gerik manehna harita. Sanggeus kitu Halimah gancang ngaleos deui indit muru ka imahna Kartika, nguliweud lempang jalan tukang anu brasna ka pipireun imahna Kartika. Jeung sanggeus ngarasa yakin mah yen moal aya jalma anu nyerangkeun ka dirina, harita tarasi saruntuy deui gancang di golerkeun ku Halimah di buruan pipir imahna Randi ataw Kartika handapeun wareng. Geus kitu Halimah terus nguliweud deui lempangna muru ka pakarangan imah, siga anu geus henteu nyieun dosa we Halimah tenang asup ka jero imah Randi. Bari langsung nempo ka ayaan Jaed anu digugulung ripuh ka ayaannana, awak nyebret panas. Teu daek turun, siga anu tuluy geuring muriang panas tiris.
Sedengkeun ari Rukmini teu eureun - eureun harita manehna ngadon ceurik, sarua jeung Kartika puguh teu tegaeun nempo ka ayaan adi jeung salaki saperti kitu. Halimah ka tinggali nyampeurkeun siga anu enya we milu sedih jeung ceurik, padahal mah dina hatena puguh atoh jeung seuri. Sabab teu tela bener we, yen Jaed teh ayeuna geus kabeunangan ku Elmu Teluh Balungna Ma Cioh.
Tur dina waktuna Halimah inditi ka sawah, ngabejaan salakina anu masih keneh keur macul, harita Halimah ngadon rawah - riwih ceurik. Ari Usman sorangan tembong ngadon kerung, sabab nempo pamajikan datang - datang ka sawahna teh jol rawah riwih wae ceurik tara ti biasana.
"Aya naon ieu teh Halimah, datang - datang jol rawah - riwih weh. Aya naon ieu teh? Geuwat, bejaan Akang." Usman ka paksa manehna ngeureunkeun heula hanca gawena, sabab nempo pamajikan anu bangun keur menang ka sedih. Gek manehna diuk dina galengan sawah, teu jauh ti Halimah anu masih keneh ngajanteng nangtung.
"Jaed kang, anjeunna." Halimah teu tuluy kebat nyaritana, pura - pura nahan piceurikeun.
Nempo kitu atuh Usman jadi beuki tambah panasaranneun wae hatena, pok tumanya deui ka Halimah. "Kunaon Halimah? Na kunaon ari Jaed?"
"Jaed kaserang ku panyawat anu aneh Kang, geuring ngadadak." Walon Halimah.
Ngadenge Halimah nyarita yen Jaed Geuring ngadadak, antukna Usman gagancangan balik. Nunda hanca gawena, sabab hate jadi tagiwur teu puguh.
Sedengkeun Halimah tembong ngiclik lempang tukangeun Usman, bari nyusutan cimatana diselang ku sura seuri sorangan.
Sarta Waktu tepi balik ka imahna harita Usman langsung mandi, geus beres mandi jeung salin baju harita Usman langsung indit bareung jeung Halimah. Pikeun nempo kana ka ayaan Jaed, anu ayeuna keur geuring.
Sarta teu kacaturkeun dijalanna, duanana geus tarepi ka nu dituju. Usman ceurik sumegruk geus poho deui ka lalakiannana, harita sumegruk ceurik bari ngarangkulan badan Jaed anu jadi adi bungsuna. "Jaed, ieu Akang Jaed. Sadar jaed, sadar." Usman salempangeun nakeur hatena, waktu nempo adina anu munguh matak pikasalempangeun anu nempo. Usman ngareret ka Kartika jeung Randi, bari pok manehna nyarita. "kumaha mimitina ieu teh Kang Randi? Teh Kartika? Naha Jaed beut bisa kieu ka ayaannana? Panas nyebret bari sasar geuningan." Ceuk Usman.
Randi gancang harita nembalan."Upami tiasa mah ngabahasna, cekap duaan wae Yayi. Sabab ieu kajantenan teh, mangrupikeun hal anu teu wajar Yayi." Ceuk Randi, ngomongna lalaunan
Ari Halimah kadenge manehna cumarita, bangun anu terus panasaran. Hayang negrakeun eusi hatena, jeung jalan pamikirannana ka jalma anu aya didinya. "Kumaha atuh upami Jaed teh urang candak wae ka Rumah Sakit Kang Randi, pariksa bilih aya panyawat anu sanes. Kitu ge upami di saluyuan, ku sadaya wargi - wargina anu aya didieu." Pokna Halimah, nyandiwara.
Randi, kadenge nyarita deui. "Tapi ceuk jalan pamikiran Akang mah geus weh mening urang bawa heula ka imahna Ki Tabib Karjan Yayi, ka tempat anu deukeut. Sabab ari kudu di bawa ka Rumah sakit mah karunya, jauh teuing jarakna. Tapi lain Akang itungan deuih, tapi nyeta. Akang teh puguh karunya ku Jaed, ngarah gancang bisa ka ubaran ayeuna - ayeuna ulah di ngke - ngke Yayi."
Halimah gancang harita nembalan, bari jeung hatena rada hanjelu oge. Sabab jalan pamikirannana teu tela, teu di satujuan ku Randi. "Nya ari saur Kang Randi kitu mah nya mangga wae Kang, ngiringan kumaha saena ari Abdi mah. Anu pentingna mah, kasehatan Ayi Jaed ayeuna tiasa pulih deui. Teu kirang sawios - wios, kitu tah Kang." Pokna Halimah harita, siga anu enya we manehna miharep. Jaed teh bakal bisa cageur deui, anu sok padahal mah Halimah harita kacida miharep nyawana Jaed gancang ngalayang.
"Enya, hayu atuh gancangan urang indit ayeuna keneh. Ulah di ngkekeun deui, ngarah Jaed gancang aya anu ngubaran. Sabab Akang mah rumasa, teu sanggup ngubarannana ieu teh. Can apal kabeh, ramuan naon wae anu kudu di jieun obat. Tapi deuih ka Rukmini, saena mah teu kedah ngiring. Sabab ka tinggalina ku Akang Rukmini teh nuju kirang sehat. Tos weh istirahatkeun heula ayeuna mah didieu, bari ngarencangan Adit sareng Irfan didieu. Ayeuna anu sejenna hayu, baturan Akang ngagotong Jaed kana mobil." Pokna deui Randi.
Ari Rukmini katinggali rada ngerenyutkeun tarangna, bangun anu masih keneh ngarasa lieur satutas dirina tadi kungsi kapiuhan.
"Muhun atuh wios Kang, ayeuna Abdi mah moal ngiring nganter. Abdi bade didieu we calik, maturan barudak. Jabaning mastaka karaos keneh lalieur ieu teh, biheung kuat Abdi mah Kang. Komo kana mobil, bisi mabok." Tembal Rukmini, halon.
Jeung teu tela kabeh geus aya dina kasapukan, pikeun nganter Jaed dibawa ka imahna Ki Tabib Karjan di ubaran. Ngan iwalti Rukmini wungkul meureunan anu henteu milu teh, ngahaja cena nungguan imahna jeung maturan barudak. Leuwihna ti kitu Rukmini memang moal kuateun, indit - inditan komo jauh. Sabab Rukmini harita, badanna memang keur teu pati sehat.
Jeung sanajan enya deuih, puguh Rukmini mah borangan pisan. Tapi ari keur kituna mah Rukmini oge maksakeun maneh we, maturan barudak katut orokna di imah.
Jaed digotong ku opatan da puguh beurat awakna badag, tuluy di jelepengkeun dina jero mobil dina jok tukang. Mobil terus laju pikeun ngajug - jug Desa Ci Muncang, tempat cicingna Ki Tabib Karjan tea anu kawilang sohor ngaranna ka mana - mana. Salaku Tabib Sakti, anu memang geus geude jasana.
Tur samemeh urang nyaritakeun deui rombongannana Randi tepi ka tempat tujuan, taya salahna lamun urang ayeuna nyaritakeun heula ka ayaan irfan jeung Adit anakna Kartika katut Randi. Barudak teh beut aranteng nya balageur, jarang hareureuy. Malah sauyunan ulin tetep babareungan, layeut remen padeukeut. Nempo kolot indit - inditan tara hayang paula - pailu, sarta umurna Irfan harita teh karak nincak genep taun. Sedengkeun ari Adit, umurna harita karak nincak tilu taunan. Anu tangtuna wae duanana oge memang can bisa ngarasakeun kumaha perasaan kolotna ayeuna, lamun pareung keur menang masalah.
Harita oge waktu aya kajadian pamanna geuring, tapi Irfan jeung Adit mah ngadon jongjon we arulin diburuan. Nyaro'o taneuh garing nyieun gugunungan, sakapeung ngaradu kaleci jeung barudak tatanggana lamun pareng aya.
"Aa aa, ieu naon geula tinggal. em, bau ih." Ceuk Adit ka lanceukna, kituna teh bari jeung ngagigiwing tarasi. Anu ngagoler dina luhur taneuh, terus di ambeuan ku manehna.
"Eeey ! Tarasi, haha...! Bau Adit ih, piceun." Pokna Irfan, waktu nempo teu tela tarasi geuningan anu digigiwing ku Adit teh. Tarasi saruntuy, tarasi colek runtuyan anu ku Halimah ngahaja di teundeun di buruan imah kolotna.
"Iih, ulah di piceun atuh Aa. mending oge Ulang dipake papacakan geula Aa yu, di lenos - lenos." Ceuk Adit, bari deureugdeug manehna lumpat. Nyokot kenteng anu potong ngagoler diburuan, jeung nyokot batu leutik sagede peureup manehna. Anu cenah minangkana kenteng teh coetna, jeung batu teh mutuna. Atuh ngan deur wae harita eta tarasi teh dipake anyang papasakan ku duaan, tanpa aya perasaan naon - naon.
Tapi harita lamun seug Randi anu manggihan eta tarasi, geus pasti eta tarasi teh meureunan bakal langsung di piceun moal di antepkeun kitu wae ku Randi. Bari pasti bakal langsung di kiihan heula, nyaeta sangkan camal pangaruhna moal nerap Elmu guna - gunana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar