"Sumuhun, hatur nuhun sateuacanna Ema. Tapi kinten - kintenna, naha bakal ngangge deui sarat moal kitu ieu teh Ema? Upami enya teh bakal ngangge deui sarat, kinten - kintenna naha bakal langkung abot kitu saratna teh moal Ema?" Halimah kawilang tetelepek nakeur tumanyana teh ka Ma Cioh, henteu bosen pikeun terus tumanya. Kituna teh bangun anu hayangeun lewih jelas, tur eces. Hayang lewih nyaho, kana cara praktekna dudukun.
"Nya sarua atuh Nyai, ieu oge make deui sarat. Nyaeta saratna teh maneh kudu meuli heula tarasi anu diruntuy tarasi colek, pikeun dipake tumbal. Jeung kawilang gampang oge deuih dina cara ngagunakeun eta tumbal teh, cukup alungkeun wae eta tumbal tarasi colek teh ka buruan imah jalma anu dimaksud. Kituna teh sanggeus di parancahan heula ku Ema, kitu tah Nyai."
"Ooh, jadi saratna teh kudu ku tarasi colek nya Ema. Berarti kudu dua runtuyeun nya Ema tarasina teh, da jang dua pasangeun korban apan."
"Heueuh, dua runtuyeun Nyai. Tapi sugan we hasil ngke peuting ku Ema bakal dipigawe, ku Ema urang kirim panyakit anu parna eta dua pasangan teh. Jung ayeuna mah maneh geura balik heula Nyai, sabab salaki maneh geus lila nununguan maneh di imah. Jeung maneh omat isukan kudu kadieu deui, bari mawa tarasi keur tumbalna kade poho nya nyai."
"Muhun Ema siap, sareng punten we salira atos direrepot ku Abdi dina waktu ayeuna Ema."
"Teu nanaon Nyai, henteu. Keur Ema mah henteu asa diririweuh, henteu asa diganggu waktu ku maneh. Asal nyeta, kudu puguh we... Itungannana, kehkehkehkehkeh...!"
Halimah leungeunna tembong ngusiweul deui ngodok kana saku jeketna, sarta ayeuna mah manehna ngasongkeun amplop ka Ma Cioh. Anu tangtuna wae, dibarengan ku eusi duit. "Ooh muhun Ema, punten teu tiasa ageung. Mung sakieu ayana, ke upami aya rizkina ditambihan deui ku Abdi nya Ema."
Sanggeus kitu mah Halimah terus wae pamitan, pikeun balik ka imahna. Waktu balik tepi ka imahna, langsung di tanya ku Usman. "Geus timana bieu Halimah, titadi Akang ngadagoan puguh mani lila. Jeung kapaksa we Akang tadi dahar tiheula, da teu kuat lapar atuh."
"Abdi nembe atos nganjang ti bumi Kartika lanceuk Akang Kang, sono hayang panggih." Halimah ngabohong.
Usman henteu ieuh curiga, langsung we percaya manehna kana omongan Halimah teh. Bari langsung tumanya deui ka Halimah, daria nakeur. "Kumaha cenah, ari Adit jeung Irfan sarehat? Geus lila puguh Akang oge sono pisan Halimah, lila teu panggih jeung anu jadi alo."
"Alhamdulilah sarehat Akang, malah Adit jeung Irfan oge sarehat jeung saroleh. Iraha atuh nya Akang urang bakal kenging turunan? Sabab Abdi teh puguh kabita Akang, kabita ku Kartika sareng Jaed anu atos rimbitan."
"Nya keun we cing sabar Halimah, ngke oge sabatae bakal. Ngan can waktuna we meureunan, matak urang kudu tetep sabar oge." Ceuk Usman teu weleh ngabeberah kana hate pamajikannana, jeung mere sumanget sangkan ulah leutik hate.
"Abdi bade ibak heula Kang ah, teu kuat hareudang ieu teh." Halimah gancang muru ka Tampian pikeun terus mandi, jeung karasa ayeuna mah ku Halimah hatena geus rada ngemplong teu beurat teuing ku bangbaluh. Sabab manehna estu yakin pisan, sakeudeung deui dirina bakal jadi jalma anu beunghar. Di eta lembur, kituna teh sanggeus tatamba ka Ma Cioh Dukun Sakti tea.
Sarta urang kocapkeun ayeuna dilembur sejen, tapi rada deukeut oge eta pilemburan teh kajalan gede. Kartika harita teh keur diuk opatan jeung salakina Randi, jeung adina Jaed katut pamajikannana Rukmini.
Jeung kabeneranna teh imahna Kartika jeung Jaed kawilang padeukeut oge jarakna da puguh sarua keneh salembur, ngan saukur kahalangan ku imah tatanggana sa imah. Ngajadikeun maranehna oge henteu ngarasa hese, pikeun papanggihna.
Kadenge Jaed anu harita keur cumarita, ditujukeun ka Kartika. "Kieu Teh caritana teh, peuting tadi naha Jaed beut ngimpi kadatangan Apa jeng Ema. Jeung nu pangheulana datang teh si Apa heula, eta na impian teh Si Apa nyarita kieu. Kade cenah panto kaler jeung wetan ulah cena nutup wae, sabab eta lawang ka wetan teh mangrupa jalan kasuburan keur hirup maneh. Moal ripuh - ripuh teuing dina mangsa maneh menang kasusah, oge masalah. Terus harita Si Ema oge datang bari nyarita, tuh Si Teteh lanceuk maneh mah moal nepika parah lamun datangna musibah teh. Tuturkeun lanceuk maneh, kitu ge satung - tung lanceuk maneh masih keneh nyorang jalan anu bener. Tah pas kitu teh, ku Jaed jol katinggali. Si Apa jeung Si Ema ngadadak leungit, kaleled ku seuneu anu bentukna buled siga bal bliter. Bari datangna teh ti awang - awang, ngabelesur nyirorot kahandap terus nembus kana suhunan imah Jaed katut imah Teteh. Kitu tah Teh, hal penting anu perlu di tepikeun ka Teteh teh." Ceuk Jaed panjang lebar.
Kartika katinggali ngareret ka Randi, terus nyarita. "Kang, saena mah ku Akang ayeuna geura toropong anu lewih jelas. Naha impian Jaed teh enya, mangrupi ilapat atanapi sanes?"
"Enya keun, ngke ku Akang urang teang ku panon batin. Ngke kira - kira jam dua welas peuting Akang jeung jaed kudu aya di luareun imah, sarta kabeh tong waka aya anu salare."
Rukmini katingali jol murungkut, memang borangan Rukmini mah. Harita nyepengan kana puhu leungeun kenca salalakina, pok nyarita. "Aduh kumaha atuh Abdi Kang Jaed, keueung. Mana keur nyusuan orok, beuki we keueung meureunan? Lamun Abdi di tinggalkeun ku Akang teh, sorangan."
"Eh ari taeun teh, kawas lain kolot wae ari Rukmini. Cing ludeung atuh, da moal aya naon - naon sorangan oge di imah. Tong borangan teuing atuh, bila mana ngke Akang aya niat usaha ka luar kota bakal hese meureunan? Keun da lain rek kamamana atuh Akang oge, pirage ditinggalkeun ka buruan imah wungkul. Bari Akang oge moal lila deuih, pastina oge Akang bakal sakeudeung." Jaed jelas kurang panuju ku sikep pamajikannana siga kitu teh, beut nyeta borangan.
Ari Randi kadenge harita manehna nyarita, bari mesem. "Bae atuh, bisi keueung mah didieu heula we mondok atuh yayi. Baturan Si Teteh, da sarua keueungeun ari sorangan mah di imah tiluan jeung budak." Ceuk Randi.
Kartika kadenge nyarita deui, bari ngaheheh. "Enya Rukmini, nggeus we mondok baturan Teteh didieu. Jeung sabenerna mah Teteh oge memang sarua, sarua borangan deuih heheheheh."
Loba deui harita obrolan - obrolan sejenna anu lumangsung di imahna Randi, pikeun ngeusian waktu anu terus lumaku. Jeung teu karasa, wanci tengah peuting geus sumanding. Sarta ayeuna urang kocapkeun deui di imahna Ma Cioh, peuting harita Ma Cioh geus sayaga diri pikeun mancen gawe. Ngirimkeun elmu teluhna, nyaeta mangrupa panyakit anu memang ngahaja rek di kirimkeun ka jalma anu jadi tujuan. Ma Cioh geus diuk sila dijero kamar khususna, tempat manehna ari mujasmedi jeung praktek elmu santet.
Harita Ma Cioh terus nyeungeut parupuyannana, peledug hasep menyan melun kaluhur. Marengan sorana Ma cioh anu ngagolontrang maca mantrana, tur teu poho kituna teh manehna, lewih tiheula geus nyadiakeun alat - alat khusus keur sasajen di teundeun dina luhur nyiru, numpuk loba pisan rupana.
"Nyurup balung ragane tanpa welas tanpa asih, cing nyurup kana balung Jaed nyurup balung nyurup balung panyakitne. Suuup, asuuup." Ma Cioh geus tilu kali ngarapal mantrana, hasep menyan beuki kandeul melun ka luhur. Nembus kana lalangit kamar, terus ngapung ngawang - ngawang ka jomantara. Tanda Ma Cioh memang geus ngamimitian ngirimkeun elmu teluhna, elmu teluh balung anu cukup ampuh. Tur teu jarang loba jalma anu geus jadi korban ku eta ajian, lamun pareng jadi sasaran ku eta elmu.
Peuting harita ku Randi bisa karasa, ayana geteran kakuatan gaib anu bakal nyerang ka kulawarga manehna. Angin ngadadak ngagelebug tarik pisan, ajag leuweung pating cungungung ti kajauhan. Langit ngadadak angkeub tanda arek turun hujan, marengan mega hideung anu terus ngahalangan kana bulan sapotong.
"Jaed ! Geus waktuna urang ayeuna pikeun sayaga diri, pikeun ngahadang kakuatan jahat anu terus nyerang ka urang. Omat tong petot, baca bismilah salobana Jaed." Randi mere saran ka adi beuteungna, anu memang saeutik gedena Randi bisa ninggali ku panon batin. Harita Randi bisa ninggali ayana gulungan seuneu warna beureum ti awang - awang, nyirorot ka handap. Tur lempeung arek turun nutug ka palebah suhunan imahna Jaed, jeung imah manehna. Ku kituna Randi gancang ngarawu taneuh garing bari babacaan, taneuh garing terus dibagi dua sawareh di bikeun ka Jaed di keupeulkeun.
"Jaed, hayoh bawa ieu taneuh garing teh gancang ! Sarta geuwat awurkeun ieu taneuh garing teh kana luhureun suhunan imah Jaed ulah di sesakeun ! Ngarah kakuatan jahat anu ngancam ka urang, susuganan bisa kahadang ku urang duaan Jaed."
"Oh muhun, siap Kang." Tembal Jaed bari lumpat.
Wuuurr ! Taneuh garing anu di keupeul ku Randi geus lewih tiheula di awurkeun ku Randi, kana luhureun suhunan imah manehna. Sedengkeun harita Jaed rada telat puguh imahna rada anggang, ngajadikeun Jaed kudu lulumpatan. Sarta samemeh Jaed bisa ngawurkeun taneuh garing kana luhureun suhunan imah manehna, ngadadak awak Jaed jadi doyong ka hareup. Bru nangkuban, teu inget d bumi alam. Waktu kakuatan gaibna Ma Cioh teu tela langsung mampuh nyurup asup kana warugana Jaed, anu terus rubuh teu inget di bumi alam.
Ari Randi harita keur usaha satekah polah, manehna nahan kakuatan gaib anu terus maksa arek asup kana ragana. Nyingkirkeun elmu teluh, mangrupa elmu kiriman anu sarua arek ngancam kana jiwana. "Allahhuakbar..! hiiiyaaat...!" Gulungan seuneu warna beureum langsung buyar, nembrag kana tangkal cau nepika merengkel bari tutung. Ceos ! Cros ! Perepet ! Kadenge sora tangkal cau anu ngajeos tur merepet jaba langsung tutung, siga anu ka beuleum bae.
Randi tembong ngahegat ngatur napasna, lantaran cape. Jeung Randi oge kacida kageteun pisan harita, waktu nempo ka ayaan Jaed anu jol kapiuhan teu inget di bumi alam. Sarta ku Randi terus disamperkeun bari langsung di pariksa ka ayaannana ku Randi, kalawan taliti.
Jeung pas dibalikeun teh awakna harita ku Randi, katinggali palebah careham parat kana beuheung tepi kahandap rada jiih semu tutung. Randi gancang mangku jaed dibawa ka jero imahna, bari jeung geumpeur.
"Rukmini ! Kartika ! Gancang buka pantona ! Ieu Jaed tatu !" Kartika anu aya di jero imah gancang mukakeun panto imah bari jeung kaget, waktu nempo ka ayaan Jaed anu keur kapaehan. Bari ka ayaan beuheungna ngagempeung hideung, bari ka ambeu bau hangru,
"Jaeed ! Jaed ! Kunaon kang ari jaed?" Kartika jadi rawah riwih teu tegaeun, nempo adina ka ayaan kitu.
Komo Rukmini mah langsung harita ngagaur ceurik, lantaran teu tegaeun nempo salakina anu tatu.
Tatangga - tatanggana anu memang dareukeut waktu ngadenge kana sora anu ngajerit teh harita, langsung daratang narempo.
Kabeh ngarasa kaget jeung watir, waktu nempo ka ayaan Jaed anu keur teu sadar. Jeung ku sakabeh jalma anu aya didinya bisa ka ambeu, bau hangru mabeuk dijero eta imah.
"Kartika, geuwat mawa cai asak herang sagelas kadieu. Uyahan saeutik, hayoh buru." Randi gancang nitah mawa cai herang asak sagelas ka Kartika, ari Kartika teu talangke gancang manehna ngoloyong ka dapur. Nyokot cai herang asak sagelas di uyahan, luyu jeung pamentana Randi bieu. Teu lila Kartika oge geus datang deui, bari mawa cai herang asak kana gelas di uyahan terus di bikeun ka Randi.
Sarta cai herang uyah teh ku Randi gancang di do'aan ku manehna, sanggeus kitu caina terus di inumkeun jeung di usapkeun kana beungeut Jaed anu katinggali badanna langsung ngulisik.
"Aduh, teu kuat panas." Jaed humarurung nahan kanyeri jeung panas, tina beungeutna anu asa direrab ku seuneu.
Sedeungkeun ka ayaan Ma Cioh di imahna harita keur meresan parupuyannana, anu nyampak mancaura. Lantaran tina pangaruh kakuatan gaib, anu tadi bantrok ngaliwatan tanaga batin. Antara tanaga batinna Ma Cioh, jeung tanaga batinna Randi. Ngajadikeun awakna Ma Cioh oge tuluy ngajungkeul ka tukang, paruyupuyannana rabeung mancaura seuneuna tuluy pareum.
"Halah, cungcurungan Aing seueul kieu jadil teh. Si Randi teu tela kuat oge, tanaga batinna. Jeung taya kieu mah Aing kudu nyieun cara sejen, pikeun bisa ngalumpuhkeun Si Randi katut anu sejenna. Ulah ngan ukur Si Jaed wungkul, anu kabenangan ku elmu teluh Aing teh."
Tidak ada komentar:
Posting Komentar