Usman jeung Halimah mangrupakeun sapasang salaki pamajikan, anu kaitung masih keneh ngarora keneh umurna teh sahandapeun ti umur opat puluh taunan. Tapi ampir geus lima taun maranehna ngarumah tangga, tapi naha maranehna duaan ayeuna beut can keneh wae boga turunan jeung kurang ku harta banda. Duka teuing ku naon atuh? Hirupna teh, beut teu weleh wae menang kasusah jeung kapeurih.
Nepika dina hiji waktu Halimah ngajakan ngobrol ka salakina, peuting - peuting acan harita teh duanana ngadon ngarobrol. Batur - batur geus salare tibra ieu mah, ngadon ngarobrol keneh di tengah imah. "Kang Usman, naha urang teh hirup beut asa ku kieu - kieu teuing? Hirup teh beut asa lewih peurih ti batur, hirup teu weleh wae menang kasusah jeung kapeurih. Jadi bosen tung - tungna teh Abdi mah Kang, ngado'a wae ka Gusti teh. Sabab Abdi tos haben wae ngado'a ka Gusti, tapi mana? Teu di kabulkeun wae do'a urang teh geningan?"
Halimah memang geus ngarasa putus asa ku eta ka ayaan, lewih - lewih manehna ngarasula ku hirup susah.
Ari Usman sorangan memang bisa surti kana perasaan pamajikannana, gancang manehna nyarita ngabeberah kana hate pamajikan. Sangkan ulah kalalanjoan merenan, dina pikiranna anu heuleut. "Ieuh Halimah, sing sabar. Tong sok pondok harepan, tong sok ngarasula. Angguran mah urang teh ulah bosen dina ngado'a ka pangeran, ngarah hirup urang henteu terus poekeun ku akal Halimah."
"Muhun Akang, apan Abdi oge atos ngado'a mah ieu teh. Tapi mana? Harta angger teu boga, imah angger butut. Anak teu boga, alias mandul. Heug atuh Akang ihtiar, usaha jeung tarekahan. Ulah ngan ukur macul jeung ngurus kebon we hungkul, tapi hasil teu pira. Hayu anter Abdi ka Ma Cioh Kang, manehna hiji Dukun anu bakal bisa ngabeungharkeun jeung ngubaran anu mandul. Ku jarak saminggu, abdi pasti bakal bisa hamil Kang." Halimah langsung negrakeun jalan pamikirannana ka nu jadi salaki, ngajakan ka Dukun.
Ari Usman ngadon gogodeug harita teh, banget teu ngartieun ku sikep pamajikannana kawas kitu. Ngarasula, ngabanding - bandingkeun hirup sorangan jeung batur.
"Astagfirullohaladzim, na ari Anjeun Halimah. Eta pikiran teh beut jadi heuleut siga kitu. Gaul dimana ari anjeun Halimah? Musrik ieuh, musrik eta teh bisi teu nyaho mah. Keur naon ayeuna urang senang di dunya wungkul, tapi di akherat bakal menang panyiksa mah keheula anan. Akang teh Mbung, ari kudu ngalaman dua kali sangsara mah Halimah."
"Nya ari Akang geus teu sanggup mah nganter Abdi ka dukun, nya teu nanaon Akang Abdi moal maksa. Kajeun Abdi isukan anu indit sorangan, arek tatamba ka eta Dukun. Keun Abdi anu bakal tanggung jawabna mah Akang, sabab anu pentingna mah Abdi teh hayang ngalaman heula hirup senang samemeh paeh Akang."
"Astagfirullohaladzim, na ari anjeun Halimah. Ceuk saha? Pamajikan bisa bebas ti nu tanggung jawab salaki? Hargaan Akang Halimah, sabab Akang teh pamimpin dina rumah tangga. Sagala perbuatan pamajikan, tangtu salaki oge bakal kababawa Halimah. Ingetkeun Halimah, poma tong nekad. Angguran mah terus ngado'a ka pangeran, sangkan urang menang jalan anu hade. Omat Halimah, tong ngarasula siga kieu. Geura tobat Halimah, bisi jadi kupur ucapan."
Halimah ngeluk tungkul bari panonna beueus ku cimata, terus ngomong dumareda. "Kang, ari Abdi kudu kumaha atuh? Naha Akang teu kabita ku imah batur anu geus gedong? Beda jeung imah urang ayeuna, ka ayaan masih keneh ku bilik nya butut?"
Ngadenge caritaan ti Halimah siga kitu karasa hatena Usman jol ngageri, jeung nyeri hate. Sabab Usman rumasa dirina can keneh wae bisa nyenangkeun hate pamajikan, siga batur gede usahana jeung mere turunan.
"Ieuh Halimah, sakali deui ulah sok panas baranan kitu atuh..." Ceuk Usman, anu kapotong caritaanna ku Halimah.
"Nya rek teu panas baranan kumaha atuh Abdi Kang, nempo lanceuk maju usahana. Adi komo dulur akang mah Si Jaed, jeung lanceuk Akang Kartika baleunghar kabeh apan. Jleug imahna gedong sigrong, mobil sedan sipak anyangan. Ari urang boga naon, sapedah ontel oge bengo - bengo acan geningan."
Usman jadi hayang seuri jeung nyeri hate tungtungna teh, mangsa ngadenge pamajikannana nyarita kitu.
"Atuh tong disasaruaken jeung anu lian Halimah, da tiap jelema teh geus pada - pada mawa milik. Angguran mah urang teh kudu milu atoh, lamun nempo dulur menang kamajuan teh. Peupeurihen urang atuh batan sakieu, beut bisa dahar keneh oge geus untung apan."
Halimah tuluy jempe teu wanieun deui cumarita, sedengkeun Usman mah harita manehna terus ngaleos kajero enggon sarta langsung ngagoledag sare.
Isukna sawaktu Usman ka Sawah harita Halimah mah jadi ngarasa aya kasempetan, pikeun dirina ngalaksanakeun niatna datang ka Dukun. Pokona mah, niat Halimah estu kudu laksana tinekenan. "Aing memang kudu bisa ngalaksanaken karep jeung kahayang Aing, malah Aing oge jadi aya pikiran sejen ieu teh. Kumaha lamun Si Jaed jeung Si Kartika ku Aing terus heureuyan oge usahana, ganggu ku Aing usahana cena ngojot terus jelemana cena ririwit geringan deuih. Heueuhlah, ku Aing rek diguna - guna siah. Keun siah dagoan, maraneh ku Aing urang heureuyan. Sabab Aing memang mbung, kudu kasiap beunghar ku dulur. Dagoan, kabehannana oge bakal alancur hirupna. Hihihihi...!" Kitu, ceuk gerentesna hate Halimah waktu harita. Anu pikirannana geus ka ancikan ku hawa napsu, sirik pidik jail kaniaya geus mimiti mangaruhan kana pikirannana anu heureut.
Halimah harita keneh manehna terus indit, ninggalkeun imahna cena kosong. Jeung memang bekeul dahar mah Usman teh memang geus lewih ti iyatna mawa, jadi geus teu kudu di anteran deui ku manehna puguh matak jongjon.
Jeung teu kacaturkeun dijalanna harita Halimah geus tepi ka tempat anu dituju, nyaeta ka imahna Dukun Sakti tea anu pernahna aya ditengah pasawahan. Imahna munguh nangelang estu jauh ka pilemburan, bangun anu ngahaja manehna mbung loba teuing campur gaul jeung batur.
Sarta Lembur Ci Dadap mah memang geus kajojo ku ayana Dukun Sakti anu ngaranna Ma Coh, tur sanajan anu di pakena elmu hideung oge tetep payu wae. Sabab bisa diipake kasempetan keur jalma anu poekeun ku akal, musrik jeung sajabana.
"Sok geura kajero anu diluar, tong asa - asa. Kula geus nyaho, andika awewe anu ngaran Halimah. Tur memang boga niat, arek natamba ka diri kaula lain?" Ceuk Ma Cioh ti jero imah, anu sok padahal mah Halimah harita karak oge asup pisan kaburuan pakarangan eta imah. Can tepi - tepi acan ka hareupeun panto, tapi naha? Piribumi beut geus langsung bisa nyahoaeun kadatangan manehna kadinya? Sorana munguh tarik kaluar, jol nyaho kana ngaran manehna.
"Punten pisan Ema Dukun, sim kuring tos wantun tumorojog kadieu yeuh. Margi nyeta Abdi teh kagungan maksad, bade nyuhungkeun pitulung ka salira Ema." Ceuk Halimah waktu geus aya dijero imah, bari jeung neuteup anteub ka Ma Cioh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar