Gancangna carita, harita Halimah jeung Usman geus tepi baralik deui ka imahna. Malah Usman mah harita teu talangke, manehna langsung indit ka sawah. Sabab Usman memang hayang geura rengse, ngahanca gawena anu ka tunda kamari.
Sedengkeun ari Halimah waktu salaki indit teh ka sawah, manehna oge gura - giru indit miang ka imahna Ma Cioh. Sabab aya hal penting anu kudu gancang ditepikeun ku manehna ka Ma Cioh, pikeun ngabejakeun ngenaan ka ayaan Jaed anu teu tela bener. Ayeuna keur geuring parna, akibat ka keunaan ku Elmu Teluh Balungna Ma Cioh.
"Ema, elmu Ema bener - bener hebat Ema. Sabab Elmu Teluh Balung Ema teu tela bener, ayeuna geus bisa nerap ka Si Jaed. Anu ayeuna keur geuring parna, kitu tah Ema." Ceuk Halimah, muka obrolan.
"Kehkehkehkehkehkeh...! Heueuh, tapi karak ka Si Jaed wungkul keuna na eta Elmu teh Halimah. Sabab ka nu sejenna mah rumasa Ema teh can mampuh, lantaran aya Si Randi anu jadi tameng maranehannana kabeh deuleu." Tembalna Ma Cioh, sabari ngehkeh.
Halimah narik napas panjang, terus nyarita deui. "Memang bener Ema, ngan iwal ti Si Randi jalmana anu kawilang beurat jeung ngabahayakeun teh keur pihak urang. Sabab Si Randi memang rada eusi oge awakna, susah pikeun diperenannana Ema."
"Heummmmp, maneh deui beut terus nekad atuh. Geus nyaho kitu, beut tetep we hayang jadi saingannana Si Randi. Jeung teu salah tah pamikiran teh Halimah, memang Si Randi mah jalma eusi tur hebat. Awakna salain dilapis ku kakuatan Gaib teh, oge manehna teu weleh di aping ku para Karuhun deuleu. Matak teu aneh, lamun manehna susah ditalukeun teh ku Ema." Tembalna deui Ma Cioh, rada keseleun.
"Enya Ema, tapi aya deui jalma anyar ieu teh Ema. Katelahna Ki Tabib Karjan, urang Ci Muncang. Tur kira - kirana, naha Ema bakal apal ka eta jalma Atawa moal? Sabab eta jalma teh estu apaleun pisan ka diri Ema, apal kana Elmu Ema."
Ma Cioh tembong ngahuleung sakeudeung, kaget waktu ngadenge ngaran Ki Tabib Karjan di sebut - sebut teh ku Halimah. "Hemmm, naha maneh beut bisa apal ka eta ngaran hemp? Na panggih dimana maneh jeung eta jalma? Maneh beut bisa apal ka eta jalma Halimah?" Ma Cioh terus tumanya ka Halimah, lantaran ku heran.
"Euh, sa teu acanna hampura Abdi Ema. Pangna Abdi apal soteh, lantaran poe kamari Abdi datang ka imahna. Nyaeta, pikeun nganteur Si Jaed anu arek di ubaran ku eta Tabib. Anu nganteurna memang lain Abdi wungkul deuih Ema, tapi ku opatan. Aya salaki Abdi, oge Si Randi katut Si Kartika Ema. Jeung pokona mah Abdi kamari serba salah Ema, teu tenang hate. Sabab eta Tabib teh teu tela nyahoeun, yen Si Jaed teh ka keunaan ku Elmu Teluh Balung Elmuna Ema. Tah kitu Ema, matak ayeuna hate Abdi kacida salempang oge. Sok sieun, rusiah Abdi awal akhir bisa kanyahoan ku maranehannana. Gara - gara, eta Aki - aki Ema."
"Kehkehkehkeh, atuh bongan saha? Maneh make jeung daek nganganteur? Kapanggih modal nyaho rasa maneh, sabab kamari maneh bangun anu arek bunuh diri deuleu. Tapi geus teu nanaon ketang, da teu kapanggih modal ieuh meureunan? Saha dalangna ieu masalah, teu kanyahoan ku eta para mangkeluk."
"Muhun henteu Ema, ngan salempangna teh eta Ki Tabib Karjan saurna bade ka dieu cenah Ema. Bade nyuhungkeun landong Ramuan ka Ema, jang ngubaran Jaed cenah Ema."
"Alah, kula teu ngarasa salempang ku eta jalma Halimah. Sabab manehna kawilang jalma anu polos teu ngarti kana Elmu batin, ngartina ngan ukur kana obat Ramuan wungkul. Jeung rek iraha datangna cenah eta mangkeluk teh Halimah? Kula geus teu sabar yeuh, hayang geura panggih jeung eta jalma. Boga kabecus naon eta jalma, hayang ikut campur urusan Kula sagala? Kehkehkehkehkeh...! Keeehkehkehkehkeh !"
"Dinteun ieu cenah Ema, manehna bakal dongkap ka bumi Ema."
"Aheheheh...! Heueuh, keun di dagoan ku kula ayeuna. Bisi maneh ka pelengkok mah ku eta jalma aya didieu, keun maneh teu kudu sieun. Sabab saha wae jalmana anu geus nyieun perkara jeung diri kula, nyawa tarohannana deuleu. Kehkehkekehkeh...! Keeehkehkehkehkeh."
"Enya Ema, tapi kumaha Ema. Apan Abdi teh peuting ngke arek ritual tea Ema, rek kawin jeung Jin Batarakala. Kumaha carana? Sangkan salaki Abdi henteu nyahoeun, yen Abdi arek kaluar ti peuting Ema."
"Kehkehkehkehkeh, gampang atuh eta mah. Bere we cai asak menang ngajiad ti Ema, ngarah ngke salaki maneh jadi kebluk dina molorna. Kitu ge lamun caina geus ka inum ku salaki maneh, sabab Ema memang boga Elmuna."
"Atuh hade Ma ari kitu mah, untung Abdi ayeuna geus mawa cai akua minral meunang meuli tadi ti warung. Jeung bakal bisa langsung dipigawe meureunan Ema, ku Ema?"
"Heueuh, gampang eta mah. Sok gancang kadieukeun, mana caina?"
Halimah teu talangke gancang manehna ngasongkeun akua botol palastik anu eusina cai minral weuteuh keneh, paromanannana katara hegar marahmay. Nandakeun hate anu sugema, lantaran cita - citana bakal laksana moal ngalaman gagal.
Botol palastik anu eusina cai minral teh tuluy dibuka tutupna ku Halimah, bari langsung di asongkeun ka Ma Cioh.
Ari Ma Cioh, langsung harita marancahan eta cai. Tapi teu lila, harita geus anggeus deui. Bari tutupna gancang diturubkeun deui ku Ma Cioh, tuluy nyarita. "Ieu cai lamun geus bisa ka inum ku salaki maneh, mangka manehna bakal ngarasakeun tunduh anu kacida tunduhna. Bisa jadi lamun di inumna ti ayeuna keneh, manehna tangtu bakal sare tepika sore deui isuk. Kumaha we ngadahar obat CTM, loba teuing mah apan lieur."
"Atuh hebat Ma. Mujarab pisan Elmu teh ari kitu mah. Tapi ieu teh Abdi, rek aya tanyakeuneun deui ka Ema. Wios Ema, ayeuna Abdi naros deui ka Ema?"
"Nanyakeun naon deui atuh maneh teh Halimah, sok geura pok ngomong."
"Aduh Ema, meni nyentak sagala ka Abdi teh."
"Heueuh, atuh meni ku leubeut tatanya teh maneh mah. Sok rek nanyakeun naon deui maneh teh? Montong belikan kitu atuh, ngewa."
"Kieu Ema, dupi ari Ema kantos aya hubungan naon sareng Ki Tabib Karjan teh Ema? Geuning bangun anu tos pada wanoh? Ema, sareng eta jalmi."
Tembong Ma Cioh ngahuleung sakeudeung, teu lila tuluy ngehkeh seuri. "Hmmm, kehkehkehkeh...! Memang Ki Tabib Karjan baheula kungsi aya hubungan khusus jeung diri kula, tapi waktu kula jeung manehna masih keneh keur ngarora. Ngan nyeta, hubungan kula baheula putus ditengah jalan. Pedah antara kula jeung manehna pabentar paham, beda kayakinan mangsa ngayakinkeun rupa - rupa ning Elmu. Ka saurang jawara anu nelah Ki Gumangkara, urang Ujung Kulon. Manehna ngarti kana obat ramuan oge ngarti kana Elmu Gaib, jeung dina hal kanuragan. Ema jeung Si Karjan jadi musuh terus putus hubungan, sabab beda dina milih Elmu. Ari Ema mah tetep milih dina Elmu ka Dukunan, sedengkeun manehanna mah keukeuh hayang milih dina Elmu ka tabiban."
"Teras Ema kumaha ti dinya teh Ema? Naha Ema beut bisa beda kayakinan kitu jeung manehna geuningan?"
"Jadi kieu, baheula teh Ema jeung manehna memang sarua. Pada - pada ngalap Elmu ngulik pangarti, guguru ka Ki Gumangkara. Ema ngulik Elmu kabatinan, nyaeta Elmu kadukunan. Tapi Ki Karjan anu memang geus apaleun, yen Elmu kadukunan Ki Gumangkara teh jelas - jelas elmu hideung. Saperti tenung, santet pelet jeung sajabana. Ku kituna Ki Karjan jelas embungeun, manehna karah ngadon milih kana Elmu Katabiban wungkul. Ukur hayang ngarti kana racikan ramuan obat - obatan wungkul, anu tangtuna wae Ema teu satuju. Sabab kahayang Ema mah, elmu katabiban sarua kudu di taekan, elmu kadukunan oge sarua kudu di yakinkeun ku duaan. Ngarah ngke jadi dukun sakti sajodo, ngan Ki Karjan tetep embungeun. Tah gara - gara eta, manehna tega mutuskeun hubungan jeung Ema. Manehna tetep ngayakinkeun elmu ti Ki Gumangkara, ngan manehna misahkeun tempat nyingkurkeun diri. Sabab manehna geus mbungeun, panggih deui jeung diri Ema. Tur sanggeus Ema jeung manehna rengse ngayakinkeun elmu masing - masing, harita Ema langsung indit ti eta patempatan. Terus ngadon bubuara di ieu Lembur, can kungsi pindah kalembur sejen. Malah Ki Karjan oge sarua indit terus bubuara di hiji tempat, anu tepi kiwari can kungsi panggih deui jeung Ema. Tah kitu Halimah, ari anjeun hayang apal mah kana jujutanna hirup Ema jeung manehna." Ceuk Ma Cioh, mungkas guaran caritaannana.